PANGJAJAP
Puji sinareng syukur di panjatkeun ka Allah SWT Ku hidayah sareng inayah na
tugas ieu tiasa rengse.
Tugas ngaresume buku ieu ngagaduhan
judul . tujuan tina nyusun tugas
reesume ieu nyaeta kanggo nyumponan tugas mata kuliah basa sunda.
Teu aya gading nu teu retak, sami sareng
tugas ieu. Panulis sadar yen
tugas ieu jauh keneh tina kasampurnaan, boh di tingal tinu pambahasan atanapi
dina teknik panulisan na.
Muga-muga bae, ieu resume teh gede mangpaat na keur urang sadayana. Teu hilap,
panyusun oge meredih panyawad katut panggeuing piken nyampurnakeun deui ieu
tugas.
Kuningan, Oktober 2016
Panulis
IDENTITAS
BUKU
Judul
Buku : Sajarah Sunda
Samemeh Taun 1945
Pangarang
: Dr. Ruhaliah, M. Hum.
Jumlah
Halaman : 150+ cover
Penerbit
: CV. Wahana Karya
Grafika, Bandung
Taun
Terbit : 2010
SAJARAH SUNDA
Sajarah nyaeta tina
basa Arab nyaeta syajarotun anu hartina tangkal, turunan, atawa asal usul. Sajarah dibagi jadi dua
nyaeta sajarah sacara tradisional jeung
sajarah sacara modern. Sacara tradisional nyaeta diwangun ku legenda, mitologi,
jeung nu sejenna. Ari sacara modern nyaeta peristiwa nu dialaman ku manusa dina
mangsa anu geus kaliwat, elmu ngenaan peristiwa jeung lalakon peristiwa.
Aya rupa-rupa sumber
jeung bukti sajarah di tatar sunda,boh nu lengkep keneh boh nu henteu nyaeta:
naskah ( sanghiyang siksa kandang karesian), arsip, duit, jeung palaku
sajarah, barang, tokoh , jeung naskah, sumber asli jeung teu asli contona
prasasti, jeung arsip sumber ptuin jeung kosta.
Aya prasasti mangrupa
sumber nu kacida pentingna dina nyusun data sajarah. Ari ruruntuyan teksna
umumna magrupa manggala( bubuka), sambadha(aslesan jeung tujuan), jeung
titimangsa. Prasasti munggaran ditulis
dina batu make aksara palawa jeung basa sangsekerta. Prasasti anu jadi bukti
ayaa sajarah sunda diantarana prasasti galunggung (geger hanjuang), prasasti
cibadak, prasasti kawali, prasasti kabantenan(bekasi), prasasti batu tulis,
jeung prasasti pasir muara.
Sunda
Dina Mangsa Prasejarah
Nyaeta mangsa mimitina tepi kapanggihna bukti-bukti
sajarah tinulis anu mangrupa prasasti ti karajaan Tarumanagara diantarana anu
kapanggih di cianjur, sukabumi, bandung, Kuningan, ciamis, guha pawon ,
padalarang kabupaten bandung jawa barat. Contoh situsna diantarana (1). Situs
gunung padang, cianjur, (2). Situs Cipari, Kuningan , (3). Guha pawon. Dina
mangsa prasejarah aya nu ngarana:
1. Zaman
Miosen (30-25 juta tauun anu kaliwat),
2. Zaman
Pliossen (14-2 juta taun anu kaliwat),
3. Zaman
Plestosen ( dua juta taun kaliwat),
4.
Zaman Holosen (11.000 taun anu kaliwat
nepi ka ayeuna )
Kahirupan
Religi Zaman Prasejarah
Harita disebut radisi megalitik, nyaeta tradisi anu
ngagungkeun arwah karuhunna. Gambaranna katiten ku ayana wangunan berundak,
batu menhir, alat batu pikeun sasajen, sarta
lulumang baattu atawa batu dakon.
Upacara ritual nyembah
nu goib ( arwah luluhur, babakuna arwah pamingpinna) dilakukeun ku cara nyuguh
dina batu meja. Tujuanna sangkan nuu goib ngauuarkeuun kakuuatan giobna
anuhenteu nnimbulkeun kabalangsakan hirup ka maranehna, tapi sabalikna
ngadatangkeun kamamuran jeung kabagjaan .
Kadaharan
Jaman Prasejarah
Nyaeta mimitina saayana ti lingkungan sabundeuranna .
sabada aya pakampungan tuluy mimiiti pepelakan. Lalaki kadang- kadang sok
ngaburu sato nu gede jeung di dahar dagingna, tuluy aya oge anu ternak sato. Dina
pedaran ngeunaan sajarah sunda wilayah anu kacida pentingna lantaran mangrupa
wilayah anu kaasup angheeulana aya nyaeta;
Bandung,
wangenan
bandung aya rupa-rupa pamandeegan ngeunaan bandung diantarana:
1. Istilah
bandung aya nu nyebutkeun tina bendung nyaeta citarum purba anu kabendung
2. Ngaran
Bandung minangka kabupaten ditulis dina tanggal 18 lenteemand 1811(18 maret 1811), patali jeng parentah Gubernur
Jendral Gaedlees pikeun meuli sato piaran
pikeun cadangan nyanghareupan serbuan tentara Inggris ka pulau jawa.
3. Dina
peta Fr. Valentjn (1726) ngaran Bandung lokaasina di kiduleun gegerkalong
ayeuna.
Sunda Dina Mangsa Klasik
Disebut mangsa klasik
teh dumasar ayana pangaruh Hindu Budha. Dumasar naskh Wangsekerta dina mangsa
ieu dikawanoh ayana karajaan gede nyaeta:
1.
Karajaan
Salangkanagara
Aya pamadegan nu beda
ngeunaan karajaan munggaran di tatar Sunda. Raja-rajana: dina naskah wangskerta
ditataan raja-raja Salakanagara nyaeta: Dewawarman I (130-168 M), Dewawarman II
(168-195 M), Dewawarman III (195-238 M), Dewawarman IV (238-251 M), Dewawarman
V (251-289 M), Dewawarman VI (289-308 M), Dewawarman VII ( 308- 362 M), Dewawarman
VIII (340-362 M).
Suksesina Dina ieu karajaan aya dua model suksesi nyaeta ti
bapa ka anak jeung ti mitoha ka minantu. Pakasaban utama dina jaman
Salaanagarra nya eta perdagangan aut (palayaran). Jadi loba kapal nu balawiri
iken dagang diina jaman harita. Can kapanggih data naha geus aya nu tatanen atawa acan, sanajan ari kadaharan
anu alsalna tina tatangkalan mah tangtu aya.
2.
Karajaan
Tarumanagara
Dina sajarah Indonesia
disebutkeun yen Tarumanagara teh karajaan pangkolotna di Pulo Jawa. Ieu
karajaan ayana dina abad ka-5 M tepi ka abad ka-7 M. Wilayah Tarumanagara
disebutkeun aya 44 karajaan nu aya dina cangkingan Tarumanagara. Raja-rajana
nyaeta Jayasingawarman, Darmayawarman, Purnawarman, Wisnuwarman, Indrawarman,
Candrawarman, Suryawarman, Kertawarman, Sudawarman, Dewamurti, Nagajayawarman, Linggawarman.
Suksesina nyaeta aya
tilu rupa suksesi dina mangsa ieu pamarentahan, nya eta ti baak ka anak, ti
mitoha ka minantu, jeung ti lanceuk ka adi. Budayana nyaeta budaya India corak
Hindu. Contona aksara Palawa jeung basa Sanksekerta. Agamana nyaeta Hindu
aliran Wisnu nu nembongkeun anasir kapercayaan Weda jeung muja dewa Mitha
Surya, agama Budha jeung agama diageem samemehna. Pakasaban maasarakat
Tarumanagara nya eta moro, miara sasatoan, tani, miara lauk, dagang, pamayang
jeung tambang (emas,perak perunggu). Prasasti karajaan Tarmanagara teh jumlahna
aya dalapan, nu tujuh dikaluarkeun ku Raja Tarumanagara sarta kapanggih dijawa
barat. Salian ti eta aya oge prasasti anu kapanggih di kotakapur dikaluarkeun
ku Raja Sriwijaya.
3.
Kerajaan
Kendan
Kendan teh karajaan
leutik nu aya di Nagreg ayeuna. Dina pedaran ngeunaan jaman purbakala
disebutkeun yen Kendan teh mangrupa pusat industri dina jaman batu anyar.
Raja-rajana nyaeta: Manikmaya( minantu Suryawarman 526-568 M), Suraliman
Sakti(568-597 M), Kandiawan Dewaraja (597-612). Suksesina nyaeta ti bapa ka
anak. Agamana nyaeta Hindu.
4.
Karajaan
Galuh
Karajaan galuh
digambarkeun rerendeeng jeung karajaan sunda. Raja-rajana nyaeta:
Wretikandayun(612-702 M), Mandiminyak(702-709), Bratasena(709-716 M),
Purbasora(716-723 M), Sanjaya (723-732 M), Tamperan Barmawijaya(732-739 M),
Manarah (739-783 M), Manisri (783-799 M), Tariwulan (799-806 M), Welengan
(806-813 M), Linggabumi(813-852 M). Suksesina umumna ti bapa ka anak.
5.
Karajaan
Sunda
Ayana ieu karajaan teh
mangupa buktina aya karajaan Hindu-Budha nu umurna panglilana di Indonesia nya
eta salila 909 taun, ti taun 670 M nepi ka 1579 M. Raja-rajana nyaeta:
Tarusbawa(669-723 M), Harisdarma atawa Sanjaya
(723-732 M), Taamperan Barmawijaya (732-739 M), jeung sajabana nepi ka
Prabu Linggadewata (1311-1333 M). Budayana nyaeta sastra, seni, jeung stuktur
pamarentahan. Agamana nyaeta kapercayaan ka hyang jeung dewa. Pakasabanna
nyaeta hempun, prepantun, jurulukis, panday, marangguy, hareup catra,
pangeuyeuk, pratanda, jsb. Titinggalna nyaeta Prasasti
6.
Karajaan
Kawali
Kawali teh kaasup
karajaan leutik buktina teh aya prasati Kawali anu ditulis ku aksara Palawa.
Raja-rajana nyaeta: Linggadewata(1311-1333 M), Linggawisesa (1333-1340 M),
Ragamulya (1340-1350 M), Linggabuana (1350-1357 M), Bunisora Suradipati
(1357-1371 M), jsb nepi ka Ningrat Kancana (1475-1482 M). Bukti titnggalna nya
eta Prasasti Kawali, Arca.
7.
Karajaan
Pajajaran
Karajaan sunda
sakapeung sok disebut Pakuan Pajajaran. Ieu karajaan teh ngandegna 107 taun nya
eta taun 1482- 1579 M. Raja-rajana nyaeta: Jayadewata(1482-1521 M), Prabu
Surawisesa (1521-1535 M), Prabu Dewatabuanawisesa (1535-1543 M), Prabu Sakti
(1543-1551), Prabu Nilakendra(1551-1567 M), Prabu Ragamulya atawa Prabu
Suryakancana (1567-1579 M). Prasastina anu patali jeung Pajajaran nyaeta
Prasasti Batutulis.
8.
Karajaan
Sumedang Larang
Ayana Sumedang Larang
teh sabada Pajajaran runtag ku Banten (1579-1580) waktu nyebarkeun agama Islam. Raja-rajana nyaeta:Geusan Ulun
(1580-1608 M), sabada Geusan Ulun tilar dunya ituluykeuun ku Raden Aria
Suriadiwangsa (1608-1624 M), Sultan Agung (1603-1645 M). Dina taun 1620 M
Sumedang Larang robah jadi Kabupaten Sumedang
antaran Aria Suriadiwangsa pasrah ka Maataram. Ti harita Sumedang Larang
disebut Priangan.
Tatar
Sunda Jaman Dijajah
Tatar sunda di jaman
keur dijajah nyaeta dipangaruhan ku:
1. Pangaruh
Mataram
2. Pangaruh
VOC(kumpeni)
3. Tatar
Sunda jadi Wilayah Hindia Belanda:
a. Kultuurstesel
b. Tatar
sunda sabada kultuurstelsel
c. Tatar
sunda dina mangsa pananaman modal swasta (1867-1870)
d. Atikan
Sabada dicenging ku
walada, atikan dihangketkeun deeui, tur dibedaken antara sakola pikeun urang
Eropa jeng saakola pikeun pribumi nya eta:
1. Sakola
pikeun urang Eropa:
a. Pendidikan
Dasar (Europeesche lagrere school/ ELS)
b. Pendidikan
Menengah jeung Lanjutan
2. Sakola
pikeun Golongan Bumiputra :
a. Sakola
Dasar Negeri
b. Sakola
Lanjutan
Tatar
Sunda Jadi Propinsi Jawa Barat
Ayana propinsi jawa
barat mangrupa pelaksanaan undang-undang perubahan pemerintah taun 1922 M, jawa
barat teh mangrrupa anu paanghelana di resmiken dina tanggal 1 januari 1925.
Urang sunda mah nyebutna propinsi pasundan. Gubernur jawa barat anu mimiti nya
eta W.P. Hillen (1925-1929).
Jadi dina taun 1922
wilayah popinsi jawa barat teh sakumaha nu ditataan di handap ieu:
1. Karesidenan
Banten ibukotana Serang, ngawengku 2 afdeling, 2 kontrol afdeling, 3 kabupaten,
15 distrik, jeuung 1.297 desa.
2. Karesidenan
Batavia ibukotana Batavia, gawengku 4 afdeling, 4 kontrol afdeling, 1
kabuupaten, 23 distrik, jeung 3.385 desa
3. Karesidenan
Priangan ibuota Bandung, ngawengku 6 afdeling, 13 kontrol afdeling, 7
kabupaten, 51 distrik, jeung 1.630 desa
4. Karesidenan
Cirebon ibukotana cirebon ngawengku 2 afdeling, 4 kabupaten, 20 distrik jeung
1.206 desa.
Organisasi
Pergerakan Jeung Perlawanan Rakyat
1. Organisasi
di Tatar Sunda jeung Sakola nu Diadegkeunana
a. Paguyuban
Pasundan
b. Ksatria
Istitut
c. Pesantren
Persatuan Islam
2. Perawanan
Rahayat Sunda
a. Gerakan
Haji Prawata Sari
b. Bagus
Rangin
My Logo :
No comments:
Post a Comment